teatersaddoipi.files.wordpress.com · Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019 . Inda Nugraha Hidayat...

9
KATEGORI MAHASISWA / UMUM

Transcript of teatersaddoipi.files.wordpress.com · Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019 . Inda Nugraha Hidayat...

  • KATEGORI MAHASISWA / UMUM

    “ ”

  • PASANGGIRI MACA SAJAK SUNDA

    GARUT TERBUKA

    Tingkat Mahasiswa

    1. Dayeuh Nu Kungsi Runtag – Godi Suwarna 2. Catetan Flamboyan – Hadi AKS 3. Lewang – Inda Nugraha Hidayat 4. Béja keur dr. Rossa – Darpan 5. Mad Halil – Yus Rusyana 6. Cikolé – Nita Widiati Éfsa

    TEATER SADDO

    INSTITUT PENDIDIKAN INDONESIA

  • Godi Suwarna DAYEUH NU KUNGSI RUNTAG kabébasan nu kumaha deui nu ku anjeun dipigandrung sanggeus bénténg nu ngelewung kari sésémplékanana geus jadi gambar arahéng nu ngemplongkeun panto kalbu dayeuh ngeblak pikeun ringkang, pikeun rupaning kahayang kapan manuk dina dahan tangkal lindén terus ngelak saban isuk teu hariwang ku aweuhan sora bedil ti benua nu keur génjlong humariring sabada cakar sajarah ngacak-ngacak banjarkarang gedong-gedong tingjungkiring nu marengan ringkang anjeun diwewegan ku pilar-pilar tohaga nanggeuy sakur kayakinan garis-garis nu tareges na dingdingna kawas gurat hirup anjeun panto katut jandélana maruka ka jomantara, legana ambaheun haté sanggeus jerit, kerak getih jeung cimata dikubur dina pondasi nyuburkeun amparan taman jeung kayon di leuweung dayeuh ngagelarkeun musim panas keur sapasang jangjang anjeun jalan but-bat, tegalan nu upluk-aplak marakbak ka awang-awang huma gandum pulas layung humaleuang ngaweuhan ka sukulangit nganti anjeun negarkeun sakur harepan di nagri nu kungsi bencar kalan-kalan sok kasawang sagumplukan halimun mindingan ketak jeung girimis nu nyiriwik, nu tirisna ngabakutet réngkak anjeun léléwana ngan sakadar saliwatan méméh beurang narawangan ngajak gancang-gancang miang muru genclang pamidangan (bérlin, 2011)

    MAHASISWA / UMUM

    Teater Saddo

    Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019

  • Hadi AKS CATETAN FLAMBOYAN Dina liliuh flamboyan basa girimis ngepris di pasir pineus, manuk-manuk simpé teu nyoara. Anjeun tatanggahan ka langit, néangan ungkara jeung ayat-ayat dina cihujan. Sugan aya jawaban naon pangna urang kasarung tengahing lamping. Tapi pulas langit angger kitu, teu cangra tan cahaya ngan hujan terus muragkeun kalakay, lir supata ngeprul keur turun kana embun-embunan. Bongan asih geus ditebar saurat jalan jeung rasa nu diipuk dina ancak halimun, urang beuki jauh ninggalkeun buruan jeung imah nu simpé. Di dieu moal aya jangjang katumbiri jeung barudak urang nu jigrah ngarucu hujan. Maranéhna geus lila narutupkeun jandéla tuluy muguran lir flamboyan nu ayeuna marurag kana lahunan. Lebah dieu nancebna tutugan rasa, handapeun tangkal nu juuh ku cikaracak, sanggeus urang ngahégak nécé umpakan waktu lukutan. Anjeun tungkul ngungun, nyusut cimata néangan tanda lebah taneuh nu hideung. Sugan aya kekecapan nu netélakeun, naon pangna urang sasab ka lamping ahéng. Tapi bumi angger kitu, taya isarah nu kabaca na heumeus beueus. Ngan urang beuki yakin, di dieu horéng kandegna léngkah, kapegat jungkrang lungkawing.

    MAHASISWA / UMUM

    Teater Saddo

    Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019

  • Inda Nugraha Hidayat LEWANG

    Aweuhan magrib patémbalan jeung sora kelakson,

    ukur kapireng ngagerendeng dina pangreungeu

    basa anjeun ngaberung ngumbar kabingung

    nu satia ngukuntit saban heumbatan léngkah.

    di sapanjang trotoar pangwangunan

    nu heurin ku pirang-pirang nasib.

    di masigit, mangpirang sajadah humandeuar

    ngariung merebot nu ngalungsar tukangeun paimbaran

    nungguan sakadang léptop réngsé ngagalindengkeun adan.

    di pipir masigit, di juru wangunan nu teu pati caang,

    kohkol morongkol hareupeun bedug nu keur jamedud,

    lalajo tukang parkir nu keur ngéntépan motor jeung mobil

    lalajo abringan léptop jeung hénpon muru pancuran,

    dianteur ku teuteup nu bogana nu keur balakécrakan handapeun caringin kurung.

    di alun-alun peuntaseun masigit,

    handapeun tihang bandéra nu kabulusan,

    barudak arandekak diamparan sarung jeung sajadah

    naranjangan kahayang, molototan nu sataranjang jeung ranjang.

    sawaréh pating belewer malédogkeun imut jeung SMS

    ka unggal mukena nu cilingcingcat ngawurkeun rindat.

    Palangsiang, palebah dieu tungtung waktu nyirurukna

    MAHASISWA / UMUM

    Teater Saddo

    Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019

    https://www.facebook.com/notes/inda-nugraha-hidayat/lewang/408859941747/

  • Darpan

    BEJA KEUR dr. ROSSA

    sapertos waos nu ku salira sok diparios

    lembur urang nuju koropok ku ulam

    kedah ditambal atawa dicabut sakantenan

    supados ulah teras nyanyautan

    hanjakal salira tos tebih

    teu kantos nyaksian kota rujit ku ririweuh

    émut kana piwuruk tina lambey nu beueus

    supados ieu karang waos dipapras

    abdi teu kabujeng beberesih karang waos

    da karangna nyebar ka mamana

    ka kantor partai dugi ka kas dinas

    kaambung hangru tur matak hanyir

    pulitisi teu sapertos dokter gigi

    marios ku ramo lemes bari taliti

    aranjeunna téga ngabungkem taya rasrasan

    teu miduli musuhna tos teu waosan

    aya gigi bungsu nu malang dina gugusi

    akarna di lembur huluna nyangked di Singapur

    saénggalna kedah dioperasi

    MAHASISWA / UMUM

    Teater Saddo

    Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019

  • Yus Rusyana MAD HALIL Saha nu wani ngalalakian Mad Halil Bedul jadug nu geus garung Ku bedog geus atah adol Saha nu kakunang-kunang cara Mad Halil Nu geus mopok tuan kontrak Dicangkalak kalah galak Mad Halil si jadil Si jago si jadol Cadu aing deuleu mun sieun ku kapir bulé! Mad Halil bakéro Ku Jepang diuber-uber teu beunang Wah pék baé bénjol Cadu aing deuleu mun sieun ku kapir katé! Jaman révolusi Mad Halil asup pasukan Der barudak, déwék gé siap jero barisan Mad Halil si jadil Si jago si jadol Ali jendil nyekel bedil Sabiluloh dak! Mad Halil si jadil Si jago si jadol Gempur dak, gempur! Tah caduk aing hakaneun sia anjing nika! Patroli mana nu teu sowak ngadéngé ngaran Mad Halil Mad Halil godperdom! Ku pélor gé henteu kojor! Hayoh dak Engké ku déwék dipangmetingkeun widadari nu jekékan Da déwék mah geus ompong geus teu teurak nyetrok térong Mad Halil jenatna Mad Halil Beunang ku patroli di Cibarégbég Awakna dipancir ku tangkal sélong Ditémbak lebah elak-elakanana Jedar! Euak, cuah! Haramjadah! Pameungpeuk, 2 Agustus 1963

    MAHASISWA / UMUM

    Teater Saddo

    Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019

  • Nita Widiati Éfsa CIKOLÉ Ukur sakecap nu nétélakeun waruga anjeun Leuweung pineus ngarurub diri ngarurub rasa Dina ciprukna ciibun. Kareueus neuleu gurawésna jungkrang Asa jadi panglipur dina ngojayan jerona kahirupan Nu teuing di mana dasarna. Rembetna saliara Akar-akar harepan nu mubus rumakep nerus bumi Jadi pucuk asih nu jujul ngarawél langit nu mabra Ukur sakecap nu disanggi jero ati Barisan tutuwuhan rempeg jadi bébénténg ngamalirna pikir Linduhna daun-daun jadi teuteupan katengtrem Asa hayang lumampah bari nebas rungkun kahariwang Kahareneg nu diungkarakeun panas matapoé Yén dirina teu laluasa ngamalirkeun haneutna asih Ka lemah-lemah. Ka pasir-pasir nu nyangkéré Ukur sakecap dipatri sela jariji poé Éndah—dua ramo pacorok silih konci Pasir jeung lengkob. Mata jeung teuteupna Jutaan wirahma jadi lagu tineung para kalakay 2011

    MAHASISWA / UMUM

    Teater Saddo

    Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019

  • TEATER SADDO

    INSTITUT PENDIDIKAN INDONESIA